Masjid agung Garut perenahna aya di Jl. Ahamd Yani Garut kuloneun Alun-alun Garut .Nempatan lahan nu legana 4.480 m2.Ieu masjid jadi masjid utama di kabupatén Garut sarta puseur sagala kagiatan kaagamaan,Baheula antara masjid jeung alun-alun téh dipisahkeun ku jalan Alun-alun Barat,Kiwari ieu jalan dileungitkeun nepi ka masjid téh ngahiji jeung alun-alun
Sajarah
Taun 1875 suhunan masjid agung Garut wangunna nyungcung, ampir sarua jeung masjid-masjid di Priangan .
Bédana téh aya dina proporsi suhunanana nu katingali leuwih gedé tur jangkung . Sasaruanana bisa dititénan tina tihang-tihang nu aya di hareupeun masjid sarta di beulah kénca katuhuen masjid . Numutkeun catetan di sekretariat DKM Masjid Agung, parobahan signifikan ieu masjid aya dina taun 1979 dimana suhunan nu tadina nyungcung diganti ku kubah maké plat beton . Wangun kubah ieu dirobah deui dina taun 1981 jadi wangun kopéah kalawan hateup séng gelombang. Pamungkas, ieu masjid direnovasi sacara gembleng tanggal 10 November 1994 tur anggeus tanggal 25 Agustus taun 1998 . Dina renovasi nu pamungkas ieu ogé sakalian bari ngarobah arah kiblat nu dibantuan ku ahli géodési ti ITB ngagunakeun GPS .
0 komentar:
Posting Komentar